Tuesday, April 11, 2006

ntah pa pa

oke, ini postingan kedua. i wanna talk about my previous experience in my friend's wedding that happened the other day. waduh, jadi ketemu lagi ama banyak temen SMA dulu euy. padahal banyak sih yang sekampus, tapi naha asa jarang pendak nya? teuing tah, padahal leutik nya kampus ITB mah. ah, eta mah emang teu niat wee meureun panggihna. tapi nya emang aya oge sih nu ti luar kota. si hikmah, nu kawinna oge ti luar kota pan? heueuh.....
tapi bener euy, nikmat lah. teu kaduhung datangna. SEUBEUH euy !!!! :)) jiganan hampir kabeh dahareun dicobaan ku uing. ti sate hayam nepi ka kambin guling. aduh, hatur nuhun nya, mah !! kuring jadi teu kudu mayar jang dahar siang. waregh lah pokona mah. teu karasa, geus sabaraha piring mah beak harita. sing sering we lah atuh, aya dahareun jiga kitu. amiiin......
hiji deui yeuh nu arek dicaritakeun ku kuring. teuing bener teuing henteu yeuh, nya. asa aya nu spesial euy, tina acara kamari teh. ah, moal diecerbeaskeun di dieu ah. ngke kanyahoan teu rame. intina mah aya hubunganna jeung foto, kamera, jeung jelema. tah, pikir ku hidep, naon nu dimaksud ku kuring. teuing ah, pokona mah kabawa ka imah weh. tuluy weh, urang teh jadi rada sumanget maca buku nu can tamat kamari dibaca. nepi tamat we eta buku teh dibaca. jaba rada semangat yeuh ari sholat teh ayeuna mah. teuing padah eta atawa lain. ah, bae lah. biasana mah nu kieu tara lila. dua-tilu poe ge leungit. tapi hayang urang mah sih, kabuktian yen nu kamari karasa ku kuring teh bener. ah, tapi bae lah. ayeuna mah, rasakeun heula weeee........masalah benar atau tidak, kita lihat nanti sajjjja.....huhuy.....

No comments: