rarasaan urang mah geus lila hirup di bandung teh. ari ningali foto-foto baheula teh jadi waas, asa kabayang baheula kumaha keur dipotretna. jadi hayang balik deui ka basa eta. keur jaman can loba jelema di bandung. baheula keur jelema di bandung masih tingaleun jaman. jaman keur aman, wargana ramah, jeung balalageur. cenah mah, baheula mah bandung teh hieum ku tatangkalan, jadi hayang ningali jiga kumaha. lamun ku kuring dibayangkeun mah, pasti alus pisan. komo pan di bandung teh loba pisan hasil kebudayaan, boh nu asli sunda boh nu diimpor ti eropa. coba, baheula indonesia merdekana sanggeus dimajukeun heula ku walanda. meureun jaman kiwari, indonesia bakal beda jadina.
bandung city jaman ayeuna mah, jigana geus rada jauh ti bayangan kota bandung kuring jaman baheula. ayeuna mah, bandung teh geus pinuh pisan ku jelema. di unggal juru geus aya imah ayeuna mah. ceuk lagu mah, bandung geus heurin ku tangtung, geus loba pisan jelema nu hirup di kota bandung. lain salah sabenerna mah, malahan eta ngajadikeun ciri yen bandung teh berkembang. ngan cara ngurusna nu salah. loba keneh warga bandung teh nu can mampu hirup layak. tah, nu kieu anu kuduna mah diurus heula. pengembangan kota bandung teh pan sabenerna mah geus boga panduan ti basa penjajahan keneh ge. ngan beuki dieu, beuki teu diperhatikeun. ah, dasar indonesia. sok we tanyakeun ka nu rada karolot. loba pisan nu robah ti jaman baheula.
nu gampang we heula, cuaca. baheula we keur kuring leutik keneh, mandi isuk-isuk teh geus karasa pisan tirisna. ayeuna mah, nepi ka peuting teh mun diturutan mah, meureun kudu mandi 3 kali sapoe ambeh teu carepel. sakitu parahna panas di bandung.
hiji deui conto, tatangkalan. cing, geus sabaraha loba tatangkalan nu dituar terus dijadikeun gedung? wah, geus moal kaitun jigana mah. hantem we dituaran jang nyieun imah, kantor, jeung sajabana.
kuring lain rek nyalahkeun pamarentah atawa jelema anu daratang ka bandung. kuring mah ngan ngarasa rada geregeteun ningali bandung nu jadi acak-acakan. kuring ngadukung pisan kota bandung maju jeung berkembang, tapi berkembangna kudu dibarengan jeung ngarobah hirup jelemana. ulah daratang ke bandung, minuhan, tapi teu boga gawe jang ngahirupan maranehanana.
Tuesday, August 01, 2006
Subscribe to:
Post Comments (Atom)
No comments:
Post a Comment